Kecap Rajekan Bahasa Sunda - Triple R Magazine
Kecap Rajekan Bahasa Sunda

Kecap Rajekan Bahasa Sunda

Share This
Kecap Rajekan nyaeta kecap nu kakeunaan ku proses morfologis nu nyababkeun kecap mibanda harti anu beda. Aya rupa-rupa kecap rajekan, nyaeta :

1. Kecap Rajekan Dwipurwa
Kecap rajekan anu diwangun ku cara nyebut dua kali engang mimiti wangun dasarna.
Conto : sesepu, kokolot, papayung, kokolot jsb

2. Kecap Rajekan Dwimadya
Kecap rajekan nu diwangun ku cara nyebut dua kali engang di tengah-tengah wangun dasarna.
Conto : sababaraha jsb

3. Kecap Rajekan Dwimurni 
Kecap anu diwangun ku cara nyebut dua kali wangun dasarna.
Conto : Buku-buku, imah-imah, kuda-kuda, guru-guru jsb

4. Kecap Rajekan Dwireksa
Kecap anu diwangun ku cara nyebut dua wangun dasarna bari salahsahijina aya anu robah sorana
Conto : puak-paok, cukat-cokot, tunggal-teunggeul, sua-sia jsb

5. Kecap Rajekan Trilingga 
Kecap anu diwangun ku cara nyebut tilu kali wangun dasarna
Conto : dar-der-dor, brang-breng-brong, jsb

No comments:

Post a Comment

Bijak berkomentar, bijak pula dikomentari.

Pages